Nadoman nu ngarangkum tentang Sejarah Nabi versi Sunda, mangga simak
1.Nabi urang saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.
2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunna di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.
3
Robiul awal bulanna,
tanggal ka-dua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.
4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.
5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur.
6
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji,
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.
7
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.
8
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.
9
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Hotami Nabi.
10
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun
11
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana
12
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin
13
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat pamanna
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana
14
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan
15
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi
16
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan
17
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan
18
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.
19
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.
20
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngémbarkeun agama suci.
21
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana
22
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadérék misan.
23
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.
24
Ari lolobana pisan
ka Nabi téh ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.
25
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur.
26
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu kasebat,
leumpangna téh cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.
27
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.
28
Ti Baétul Makdis terasna,
naék tangga saterusna,
mi’raj téa kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.
29
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.
30
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangéran.
31
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.
32
Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.
33
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.
34
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.
35
Para sohabat pirang-pirang,
nu buméla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.
36
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.
37
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.
38
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.
39
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.
40
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.
41
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapaténan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.
42
Manis saur manis budi,
éstu mustikaning jalmi,
sajagat mo’ mendak deui,
saé rupa jeung parangi.
43
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.
44
Éstu kersaning Pangéran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandéan,
diparaké seuseungitan.
45
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kur’an nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.
46
Tangkal nu pérang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.
47
Domba nu banget kuruna,
sarta lalépét susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna
48
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari
49
Cai ngan sakedét pisan,
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.
50
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.
51
Ya Allah Nu Sipat Rohman,
abdi téh iman ka Tuhan,
teu aya deui Pangéran,
lain ti Allah Nu Héman.
52
Nu ngadamel bumi-alam,
rawuh jeung eusina pisan,
nu wajib diibadahan,
taya anu nyasamian.
53
Sareng abdi iman deui,
ka Muhammad Kangjeng Nabi,
yén éta utusan Gusti,
miwulang ka jalmi-jalmi.
54
Nu sipat kapercantenan,
wijaksana tur budiman,
bener wungkul sasauran,
lain saur kaheureuyan.
55
Hurmat urang ka anjeunna,
dina mangsa jumenengna,
sareng sabada wapatna,
éstu teu aya béntenna.
56
Duh Gusti jungjunan abdi,
Sayidina Muhammad habibi,
pamugi salira nampi,
ka nu hina diri abdi.
57
Abdi umat ahir jaman,
anu banget panasaran,
hoyong tepang ngadeuheusan,
seja tumut serah badan.
Coretan Ngaji
Kamis, 31 Oktober 2019
Minggu, 20 Oktober 2019
Nadhom Tauhid Bahasa Sunda - Sifat Allah Jeung Rasulna
Nadhom Tauhid
Sifat Allah Jeung Rasulna
Sifat
Allah dua puluh
Mustahilna
dua puluh
Nu
wenangna hiji puguh
Urang
wajib terangna teh
Sifat wujud kahijina
Hartina Allah ayana
Mustahil Allah euweuhna
Dalilna aya mahlukna
Sifat
qidam kaduana
Tipayun
teu aya mimitina
Mustahil
Allah anyarna
Na
surat Hadid dalilna
Sifat baqo katiluna
Langgeng teu aya tungtungna
Mustahil Allah ruksakna
Na surat rohman dalilna
Mukholafatul
lilhawadisi kaopatna
Ngabedaan
ka mahlukna
Mustahil
nyaruaanna
Na
surat syuro dalilna
Qiyamuhubinafsihi kalimana
Jumeneng kalawan dzatna
Mustahil Allah butuhna
Na surat imron dalilna
Wahdaniyyat
kagenepna
Nunggelang
taya rencangna
Mustahil
bimbilanganna
Qulhu
Allahu ahad dalilna
Sifat qudrat katujuhna
Hartina Allah kawasana
Mustahil Allah apesna
Na surat baqoroh dalilna
Irodat
kadalapanna
Kersaan
dina damelanna
Mustahil
Allah apesna
Na
surat buruj dalilna
Sifat ilmu kasalapanna
Hartina Allah uningana
Mustahil Allah bodo na
Na surat baqoroh dalilna
Sifat
hayat kasapuluhna
Hartina
Allah hirupna
Mustahil
Allah maotna
Na
surat baqoroh dalilna
Sifat sama’ kasabelasna
Hartina Allah ngadanguna
Mustahil Allah torekna
Na surat syuro dalilna
Bashor
kadua belasna
Hartina
Allah ningalina
Mustahil
Allah lolongna
Na
surat syuro dalilna
Qalam katilu belasna
Hartina Allah ngadawuhna
Mustahil Allah pireuna
Na surat nisa dalilna
Qodiron
kaopat belasna
Allah
nu Maha Kawasana
Mustahil
Allah azijanna
Na
sifat Qudrot dalilna
Muridhan kalima belasna
Allah nu Maha Kersaanna
Mustahil Allah karihanna
Na sifat Irodat dalilna
A’liman
kagenep belasna
Allah
nu Maha Uningana
Mustahil
Allah Jahilanna
Na
sifat Ilmu dalilna
Hayyan katujuh belasna
Allah nu Maha Hirupna
Mustahil Allah mayyitanna
Na sifat Hayyat dalilna
Sami’an
kadalapan belasna
Allah
nu Maha Ngadanguna
Mustahil
Allah A’shomana
Na
sifat Sama’ dalilna
Bashiron kasalapa belasna
Allah nu Maha ningalina
Mustahil Allah ‘amana na
Na sifat Bashor dalilna
Mutakaliman
kadua puluhna
Allah
nu Maha Ngadawuhna
Mustahil
Allah abkama’na
Na
sifat Qalam dalilna
Sifat wenang di Allahna
Fi’lu mumkin autarkuhu
Damel kumaha Allah na
Na surat ibrohim dalilna
Sifat
rosul aya opat
Mustahilna
aya opat
Nu
wenangna hiji tepat
Urang
wajib kudu ma’rifat
Sifat sidiq kahijina
Hartina rosul benerna
Mustahil rosul bohongna
Na surat yaasiin dalilna
Amanah
nu kaduana
Kabeh
rosul kapercayana
Mustahil
rosul cidrana
Na
surat syuaro’ dalilna
Sifat rosul katiluna
Tabligh ngadugikeunnana
Mustahil rosul kitmanna
Na surat al maidah dalilna
Opat
sifat fathonahna
Hartina
rosul pinterna
Mustahil
rosul bodona
Na
surat al an’am dalilna
Sifat wenang dirosulna
Nyaeta a’rod basyariahna
Sifat kamanausiaanna
Na surat al furqon dalilna
Langganan:
Postingan (Atom)